Rabu, 03 April 2013

CONTOH BIANTARA BAHASA SUNDA


Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabudayaan Sunda Nu Ku Urang Kedah Dimumule
Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum w. w.




Contoh Naskah Pidato Terbaru – Biantara Basa Sunda Tema Internet
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb


Contoh Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Asalamu’alaikum wr. wb
Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat.
Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.
Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut.
Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.
Wabillahi taufik walhidayah

1 komentar:

  1. Do you understand there's a 12 word sentence you can speak to your man... that will induce intense emotions of love and impulsive attractiveness to you buried inside his heart?

    That's because deep inside these 12 words is a "secret signal" that triggers a man's impulse to love, cherish and care for you with his entire heart...

    ====> 12 Words Who Fuel A Man's Love Instinct

    This impulse is so hardwired into a man's brain that it will make him try better than before to take care of you.

    Matter-of-fact, triggering this mighty impulse is so essential to having the best ever relationship with your man that the instance you send your man one of these "Secret Signals"...

    ...You will soon notice him expose his heart and soul for you in a way he haven't experienced before and he'll identify you as the only woman in the universe who has ever truly appealed to him.

    BalasHapus